Mohamad Alfath Prasastiawan
Jawara Sajak Ti SMANDA Tasikmalaya
Saha
jalmina siswa sareng siswi SMA Negeri 2 Tasikmalaya anu teu wawuh atanapi teu
uninga ka salah sahiji jawara lomba kasenian di Tasikmalaya. Rumaja putra,nu
mindeng jadi pinunjul dina pirang-pirang cabang kasenian. Boh dina budaya
sunda,boh dina sastra bahasa, ngarana geus tangtu moal di tatanyakeun deui.
Anjeuna,Mohamad Alfath Prasastiawan.
Mohamad
Alfath Prasastiawan atawa anu leuwih akrab di nénéh a Alfath ku adi kelasna téh
pituin urang sunda. Anjeuna lahir di Tasikmalaya,tanggal 21 September 1995.
Anak cikal ti dua sadulur ieu téh,mangrupa salah sahiji conto siswa pinunjul di
sakolana. Lanceuk teges M. Azhar H,putra bapak Drs Darusman sareng ibu Tita
Sanita. A Alfath ngamimitian pendidikan formalna di TK PUI taun 2000 dugi ka
2002. Teras sakola di SD N Sukasari 1 dugi ka taun 2008. Ti budak kénéh,émang
bakat senina a Alfath tos katémbong. Mimiti resep ngiringan lomba-lomba model
di TK,tur lomba sajak ti kelas 2 SD.
Munggaran
ngiringan lomba sajak,anjeuna tos janten jawara
harapan 2 antar sakola. Sabot harita,a Alfath mimiti leukeun di ajar maca sajak sareng
ramana. Sababaraha kali a Alfath kantos janten pinunjul tina lomba sajak.
Waktos kelas 4 SD waé,a Alfath tiasa janten wawakil kota Tasikmalaya pikeun
lomba sajak di tingkat propinsi. Sanajan ngan saukur jadi jawara 2,anjeuna tetep
sumanget tur terus ningkatkeun prestasina dina maca sajak.
Saentos
lulus ti SD N Sukasari 1,a Alfath neraskeun sakolana ka SMP N 1 Tasikmalaya.
Salah sahiji SMP favorit di kota kalahiranna. 3 taun sakola di Nesata,anjeuna
teu weléh nyeungitkeun tur ngangkat ngaran Tasikmalaya di tingkat propinsi.
Lian ti lomba sajak,getih seni a Alfath terus ngalir tur ngembang kana bakat nu
liana. Salah sahijina nyaeta Beat Box.
Beat
Box nyaeta salah sahiji budaya bangsa
deungeun anu ayeuna-ayeuna keur jadi minat anyar para rumaja di Indonesia. A
Alfath salah sahijina,lain ukur reresepan,anjeuna bener-bener leukeun tur titén
dina nungkulan ieu kasenian deungeun. Buktina a Alfath kantos janten jawara ka
3 lomba Beat Box tingkat kota waktos
SMP.
Sanajan
kitu,cintana kana budaya sunda khususna sajak teu kalélédkeun. 3 taun di SMP,a
Alfath teras neraskeun nyiar elmuna di SMA Negeri 2 Tasikmalaya (SMANDA). Di
sakola ieu ayeuna a Alfath napak nincak nyiar elmu pikeun bekeul jaga. Salian
ti unggul dina bidang seni, a Alfath ge salah sahiji siswa anu nyongcolang dina
pelajaran akademik. Anjeuna nempatan ranking ka 13 tina 800 leuwih siswa anu
daftar ka SMA Negeri 2 Tasikmalaya.
Mimiti
asup ka SMA waé anjeuna tos nyumbangkeun piala jawara ka 2 maca sajak tingkat kota taun
2012. Di taun eta kénéh, a Alfath janten jawara ka 4 lomba Beat Box
se-Indonesia via online. Ieu salah sawios buktos yen teu aya anu muhal di dunya
ieu salila urang keyeng tur yakin kumaha waé carana urang pasti bisa. Heunteu
dugi kadinya,taun 2013 a Alfath ngukir deui prestasi gumilang dina seni sajak.
Anjeuna janten jawara
ka 1 lomba maca sajak tingkat kota. Teras janten juara ka 2 maca sajak dina
Gema Ramadhan taun 2013.
Ayeuna,anjeuna
tos kelas XII SMA. Cita-citana tangtu heunteu tur moal rengse dugi kadinya. A
Alfath masih keneh nyimpen mangrebu harepan pikeun tiasa ngabungahkeun ibu
ramana ku jalaran maca sajak. Salah sawios sajak anu janten kasukaannana teh nyaeta sajak sunda anu
judulna “Doa”. Saurna maca sajak téh ulah ngan saukur butuh ku sajakna,tapi
eusina. Urang kudu bener-bener ngarti kana makna tur kandungan éta sajak. Salah
sawios sajak karya a Alfath nyaeta sajak anu judulna “Bapakmu penghalang cinta
kita”. Ieu sajak kantos dibacakeun di payuneun réréncangannana waktos MOPD di
SMANDA.
Saentos
engke lulus ti SMA,anjeuna insyaalloh neraskeun pendidikannana ka salah sawios
Universitas di Jawa. Anjeuna tos kenging beasiswa anu ngajamin pendidikannana
ka payun. A Alfath gaduh cita cita pikeun janten komunikator handal di
Indonesia. Kasuksesan a Alfath salami ieu teu ujug-ujug. Tangtu aya heula prosesna,usaha
anu keyeng tur doa ti ibu ramana anu terus ngocor.
Saurna
keneh,kunaon a Alfath milih seni sajak,lantaran sajak téh lir ibarat olah raga
bari curhat. Mantak ngesang cenah. Koncina,lamun urang hayang sukses,urang kudu
wani beda tinu lian. Ulah sakali-kali minder komo nurutan gaya batur mah. Urang
kudu tetep jadi diri
sorangan jeung percaya kana kamampuan diri urang. Milampah dunya kasenian
tangtu heunteu mulus wae,pasti aya galitukna. Sababaraha kali a Alfath kantos
gagal tur hanjakal. Tapi ku niat anu bener-bener jeung yakin kana kamampuan
dirina,a Alfath tiasa neraskeun lalampahannana dina maca sajak.
Salian
ti janten komunikator handal Indonesia,a Alfath oge gaduh cita-cita pikeun
ngabangun sakola sajak di Tasikmalaya. Anjeuna hoyong seni sajak terus
turun-tumurun ka anak incu urang sunda. Saurna,budaya sunda lain ngan saukur
seni,tapi oge amanat. Amanat anu tetep kudu di riksa tur dipiara ku urang
sunda. Urang ulah gengsi,komo deui poho kana ciri jeung identitas urang
sunda,utamana sajak.
Mohamad
Alfath Prasastiawan nyaeta a Alfath tea,ngaran anjeuna anu nyeungitkeun ngaran
kulawargana. Ngaran anjeuna anu nyeungitkeun ngaran sakolana. Ngaran anjeuna
oge anu nyeungitkeun ngaran lemah caina. Malah ngaran anjeuna kantos nyandak
ngaran nagara urang ka Sinngapore pikeun lomba Beat Box harita. Moal lilia ti
ayeuna,urang salaku kulawarga SMA Negeri 2 Tasikmalaya bakal ditinggalkeun ku
sang jawara sajak. 3 taun anjeuna nyiar elmu di SMANDA. 3 taun oge anjeuna
nyumbang katineung-katineung anu ngareueuskeun sakola urang .
Mugia
kapayuna,herang ngaran Mohamad Alfath Prasastiawan bakal leuwih nyongcolang.
Cita-citana ngawujud,tur anjeuna terus jadi maestro sajak dimana wae lengkahna
napak. Seungitna ngaran a Alfath,ngagunungna
prestasi a Alfath, mugia
sing jadi conto pikeun urang-urang sangkan bisa mekarkeun jawara-jawara liana
anu siga tur leuwih seungit ngarana tibatan Mohmad Afath Prasastiawan.
PANCÉN
BASA SUNDA
BIOGRAFI
MOHAMAD ALFATH
PRASASTIAWAN
Diajengkeun kanggo
salah sahiji pancén Basa Sunda.
Kelas
: X-3 MIA
Wasta
: Dwi Rahmi
Lilis Ratna Sari
Pamelia Nur Dewi M
Salsabila
SMAN 2 Tasikmalaya
Jl. R.E Martadinata No.
261 Telp/Fax: (0265) 331331
Website: http://www.sman2-tsm.sch.id
Kota Tasikmalaya -
Jawa Barat
Tidak ada komentar:
Posting Komentar